BasaaYfD F MmWw zSsw23Mt DIi Fftoi234 Nn C
Nepi ka danget ayeuna aya sawatara tarékah manusa pikeun nyieun wates wangen nu disebut basa tina sawatara jihat, nyaéta:
- hiji sistim keur ngawakilan banda, tindakan, gagasan jeung kaayaan.
- hiji alat nu dipaké keur nepikeun konsép riil maranéhannana kana pikiran manusa séjén
- hiji kesatuan sistim harti
- hiji kodeu nu digunakeun ku pakar linguistik keur ngabédakeun antara wangun jeung harti.
- hiji ucapan nu cocog jeung tata basa nu geus ditetepkeun (conto: kecap, kalimah, jeung séjén-séjénna.)
- hiji sistim ngecapkeun nu bakal dipikaharti ku masarakat linguistik.
Basa manusa mangrupa wangun nu patali jeung "basa". Élmu nu neuleuman basa disebut linguistik.
Netepkeun perbédaan utama antara basa manusa nu hiji jeung nu séjénna sering kacida. Chomsky (1986) ngabuktikeun yén sabagéan dialék Jérman ampir sawanda jeung basa Walanda tur teu pati béda antukna henteu gampang pikeun dipikawanoh minangka basa séjén, hususna Jérman.
Aya sawatara basa artifisial (jijieunan) nu dipikawanoh, salah sahijina nyaéta bahasa Esperanto. Basa nu dijieun ku L. L. Zamenhof ieu téh nyaéta basa nu mangrupa campuran tina sababaraha unsur basa, hususna basa-basa Roman nu dicampurkeun jeung unsur-unsur Basa Slavia jeung basa-basa Éropa lianna, sarta dipaké pikeun ngagampangkeun diajarna basa marga lantaran tata basana nu basajan.
Basa artifisial séjénna nu mangrupa conlang (constructed language) di antarana nyaéta Basa Interlingua jeung Basa Lojban.
Sawatara pakar kabasaan, kayaning J.R.R. Tolkien, geus nyiptakeun basa rékaan, pikeun tujuan dina widang sastra. salah sahijina basa Quenya, nyaéta hiji wangun basa nu digunakeun ku kaom Elvish. Quenya mibanda abjad jeung istilah husus sarta bisa digunakeun ku manusa. Di sagédéngeun basa Quenya, ogé diciptakeun basa Klingon nu kungsi digunakeun dina film Star Trek.
Basa unggal jalma nu rinéka nyababkeun manusa narékahan pikeun nepikeun éta basa ku sagala rupa cara. salah sahijina ku cara ngagunakeun komputer pikeun narjamahkeun hiji basa ka basa séjénna. Perangkat kawas kieu téh biasa disebut Mesin Panarjamah.
Mesin Panarjamah mangrupa hal nu kalintang diarep-arepna ku para pakar komputer salila ieu. Mimitina mah maranéhna ngiker-ngiker, yén hal sarupa kitu téh bisa dilakonan kalawan babari. Tapi, tétéla karasa hésé dina prak-prakanna mah, nepi ka para pakar komputer téh ngarasa peunggas harepan. Sanajan kitu, kabéhdieunakeun, dina mangsa kiwari perangkat-perangkat panarjamah geus sumebar di pasaran, samalah sawaréhna mah aya nu dikomérsilkeun.
Tempo ogé[édit | édit sumber]
- Daptar Basa
- Paribasa Sunda
- Basa internasional
![]() |
Wikimedia Commons mibanda média séjénna nu patali jeung Language. |